Asam karboksilat

Wangun umum asam karboksilat
Wangun 3D gugus karboksil
Modél ngeusi-rohang gogos karboksil
Dina kimia, asam karboksilat (ogé disebut asam alkanoat) nyaéta asam organik nu dicirikeun ku ayana gugus karboksil. Strukturna
R mangrupa hidrogén atawa gugus organik. Dina rumus kimia, ieu ogé biasa ditulis RCOOH).

Daptar eusi


Kaasaman, sebaran éléktron, jeung résonans

Asam karboksilat ngarupakeun asam lemah, sabab disosiasi molekul RCOOH ngan kira 1% nu jadi kation H+ jeung anion RCOO- na suhu rohangan dina leyuran cai.
Dua atom oxigén éléktronégatif cenderung metot éléktron ngajauhan hidrogén na gugus hidroxil, sedengkeun proton H+ sésana bisa leupas kalawan gampang. Muatan négatif sésana salajengna nyebar simétris di antara dua atom oxigén, sarta beungkeut karbon–oxigén mibanda ciri beungkeut ganda parsial (délokalisasi).
Ieu ngarupakeun hasil tina struktur résonans nu kaciptakeun ku ayana komponén karbonil na asam karboksilat, nu mun teu kitu gugus OH-na moal gampang kaleungitan H+-na (tempo alkohol).
Ayana gugus éléktronégatif (kayaning -OH atawa -Cl) nuturkeun gugus karboksilat bakal ngaronjatkeun kaasaman. Sahingga, pikeun conto, asam trikloroasétat (tilu gugus -Cl) ngarupakeun asam nu leuwih kuat batan asam laktat (hiji gugus -OH) nu leuwih kuat batan asam asetat (teu boga gugus séjén).

Réaksi

Asam karboksilat bisa dijieun ku jalan oksidasi lengkep alkohol primér.
Asam karboksilat meta jeung basa piekun ngahasilkeun uyah karboksilat, nalika hidrogén gugus -OH diganti ku ion logam. Asam étanoat (sarua jeung asam asetat) meta jeung natrium bikarbonat (baking soda) jadi natrium étanoat (natrium asetat), karbon dioxida, jeung cai:
CH3COOH + NaHCO3 → CH3COONa + CO2 + H2O
Gugus karboxil ogé meta jeung gugus amina jadi beungkeut péptida sarta jeung alkohol jadi éster.
Asam karboksilat bisa diréduksi ku LiAlH4 jadi alkohol primér:
COOH direduksi ku LAH.png

Contoh

Sababaraha asam karboksilat di antarana:

No comments:

Post a Comment